Sony Xperia XZ - Nyambungkeun alat Anjeun ka aksesori USB

background image

Nyambungkeun alat Anjeun ka aksesori USB

Anjeun bisa make adaptor Host USB Type-C™ jang nyambungkeun alat Anjeun kana

aksesori USB sapertos alat panyimpenan massal USB, kadali kaulinan, kibor USB jeung

118

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

beurit mos USB. Lamun alat aksesori USB Type-C boga panyambung USB mikro,

adaptor Host USB Type-C teu diperlukeun.
Adaptor Host USB Type-C dijual papisah. Sony teu ngajamin kabeh aksesori USB

dirojong ku alat Anjeun.

Alat ieu gaduh port USB Type-C nu teu aya tutupna. Upami alat Anjeun keuna cai, pastikeun

yen port eta geus garing pisan samemeh nyambungkeun kabel USB Type-C.

Pikeun ngakses eusi dina alat panyimpenan massal USB make adaptor Host USB

Type-C™

1

Asupkeun adaptor Host USB Type-C ka alat Anjeun, teras sambungkeun adaptor

eta ka alat panyimpenan massal USB.

2

Tina

Layar mimiti anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Sambungan alat > Sambungan USB > Deteksi

alat USB.

4

Pikeun ngakses payil sareng polder dina alat panyimpenan USB, pake aplikasi

pangatur payil sapertos File Commander.

Anjeun tiasa oge muka aplikasi media nu sasuai dina alat Anjeun pikeun nempo eusi eta

sacara langsung. Contona, Anjeun tiasa muka aplikasi Albeum pikeun nempo poto nu

disimpen dina alat panyimpenan massal USB.

Pikeun megatkeun sambungan alat panyimpenan massal USB

1

Jang muka Panel Bewara, sered bar status ka handap, terus ketok drive USB.

2

Ketok

KALUARKEUN.

3

Lesotkeun adaptor USB Type-C™ Host tina alat Anjeun.

Pikeun nyambungkeun aksesori USB nganggo adaptor host USB Type-C™

1

Asupkeun adaptor Host USB Type-C ka alat Anjeun, teras sambungkeun adaptor

eta ka aksesori USB.

2

Tina

Layar mimiti anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Sambungan alat > Sambungan USB > Deteksi

alat USB.

Langkah atawa software tambahan tiasa diperlukeun pikeun nyetel kontroler kaulinan, audio

USB, sareng aksesori Ethernet USB. Sony teu ngajamin kabeh aksesori USB dirojong ku alat

Anjeun.

Pikeun nyambungkeun aksesori USB Type-C™ nganggo konektor USB Type-C

1

Pasangkeun konektor USB Type-C ti aksesori USB Type-C ka alat Anjeun.

2

Tina

Layar mimiti anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Sambungan alat > Sambungan USB > Deteksi

alat USB.

Sony heunteu ngajamin yen sadaya aksesori USB Type-C sareng konektor USB Type-C bakal

dirojong ku alat Anjeun.