Sony Xperia XZ - Kunaon abdi butuh akun Google™‎?

background image

Kunaon abdi butuh akun Google™?

Alat Xperia™ Anjeun ti Sony dijalankeun dina platform Android™ jeung dikembangkeun

ku Google™. Loba aplikasi jeung ladenan Google™ nu disadiakuen dina alat Anjeun

basa Anjeun meuli eta alat, contona, aplikasi Gmail™, Google Maps™, YouTube™, jeung

Play Store™, toko online nu mere Anjeun wasa ka toko online Google Play™ pikeun

ngundeur aplikasi Android™. Pikeun tiasa make ladenan ieu sacara maksimal, Anjeun

butuh akun Google™. Contona, akun Google™ ngamungkinkeun anjeun milampah

kabeh ieu:

Ngundeur tur masang aplikasi ti Google Play™.

Nyingkronkeun surelek, kontak, sareng almenak nganggo Gmail™.

Ngobrol jeung babaturan make aplikasi Hangouts™.

Nyinkronkeun riwayat kotektak sareng tetengger Anjeun make pangotektak web Google

Chrome™.

Ngidentipikasi diri Anjeun sabage pamake nu berhak saatos ngalakukeun perbaikan

software make Xperia™ Companion.

Ti jarak jauh, manggihan, ngonci, mupus alat nu leungit atawa dipaok make ladenan my

Xperia™ atawa Manajer Alat Android™.
Jang inpormasi lengkep ngeunaan Android™ jeung Google™, buka

http://support.google.com

.

Penting pisan kanggo Anjeun inget ngaran nu make sareng kecap akses akun Google™

Anjeun. Di sababaraha situasi, Anjeun bisa jadi kudu ngidentipikasi diri Anjeun sorangan

kanggo alesan kaamanan make akun Google™ Anjeun. Upami Anjeun gagal merek ngaran nu

make sareng kecap akses Google™ Anjeun dina situasi ieu, alat Anjeun bakal dikonci. Salain

eta, upami Anjeun gaduh leuwih ti hiji akun Google™, pastikeun pikeun nuliskeun wincik

kanggo akun nu sasuai.

Cara nyetel akun Google™ dina alat Anjeun

1

Tina

Layar mimiti anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Akun & sink > Tambahkeun akun > Google.

3

Turutan wizard pandaptaran pikeun nyieun hiji akun Google™, atawa daptar asup

upami Anjeun tos boga akun.

Anjeun oge bisa asup atawa nyieun akun Google™ ti panungtun setelan pas mimiti

ngahurungkeun alat Anjeun. Salaen eta, anjeun tiasa online terus jieun akun di

www.google.com/accounts

.

Cara mupus akun Google™

1

Tina

Layar mimiti anjeun, ketok .

2

Ketok

Setelan > Akun & sink > Google.

3

Pilih akun Google™ nu Anjeun hoyong pupus.

4

Ketok >

Pupus akun.

5

Ketok

Pupus akun deui pikeun ngonpirmasi.

Upami Anjeun hayang mupus akun Google™ Anjeun, sadaya fitur kaamanan nu dikaitkeun ka

akun Google™ moal sadia deui.

9

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.